Home » » Sasakala Maung Sancang

Sasakala Maung Sancang

Sasakala Maung Sancang

Jaman baheula, ngadeg hiji karajaan ageung nyaèta Karajaan Pajajaran, rajana nu jenenganana Prabu Siliwangi, kagungan putra dua, nu cikal Kiansantang nu bungsu Rarasantang.

Nincak umur sawawa Kiansantang unjukan ka sepuhna seja lumampah ngalalana ngilari luang pangalaman da di nagarana tos taya nu tiasa nandingan kana jajatènna. Nu dituju taya lian ti Palabuhan Banten da di dinya aya kapal ageung nu sok meuntasan sagara badag. Tina kapal èta ngalih kana kapal sanèsna, kitu sareng kitu wè padamelan anjeuna harita.

Kacarioskeun dina hiji waktos anjeuna anjog di tanah Arab. Satos lungsur tina kapal lajeng mapah /mapay sagara keusik sakaparan-paran tacan mendak nu dituju. Nuju jongjon mapah prok paamprok sareng aki-aki kundang iteuk.
"Arèk kamana Sujang?".
"Abdi badè miliaran pangalaman, Ki". Tèmbal Kiansantang.
"Keur naon kitu?" Tanya si Aki deui.

"Kanggo milari papastèn diri bagjaning awak, sakantenan badè milarian pangaweruh kanggo pibekeleun hirup. Saur Kiansantang deui.
"Hayu atuh bareng". Ceuk si Aki.

Bring duanana arangkat, sakitu  panonpoè morèrèt nuju meujeuh sumorot manceran na embun-embunan, nu duaan bangun taya kacapè teras lumampah. Dugi ka dinya hiji patempatan teh si Aki liren lajeng nancebkeun iteukna.

"Eureun heula ah Jalu, Aki mah rèk sholat heula". Ceuk si Aki. Atuh reg  Kiansantang oge eureun bari ngimeutan si Aki sholat. Satos rèngsè sholat, bring deui arangkat. Nembè sapuluh lèngkah si Aki ngarandeg.

"Jalu, iteuk Aki teu dipangmawakeun nya?". Ceuk si Aki.
Teh talangkè berengbeng Kiansantang mulih deui ka tempat nu tadi seja nyandak iteuk si Aki. Iteuk dicabut ku sesah nakeranan. Kiansantang ngaluarkeun tanaga sadayana, iteuk teu uget-uget acan. Kiansantang panasaran, asa piraku iteuk ukur kitu dugi ka sesah-sesah teuing. Iteuk dicabut deui sakuat tanagana dugi ka kaluar kèsang getih, iteuk teu règrog. Si Aki sumping.

"Naha jalu, teu kacabut?". Si  Aki naros.
"Sesah geuningan Ki". Waler Kiansantang.
"Piraku teu kuat nyabut iteuk-iteuk acan". Saur si Aki bari top nyepeng iteuk nu molonyon sapada harita henteu kedah nganggo tanaga. Kiansantang molohok, teu percanten kanu parantos katingal. Teu antaparah anjeuna sumujud ngarawu sampèan si Aki tur nyuuh dina tuurna.
"Ampun Aki, kuring serah bongkokan ka Aki, na saha atuh Aki tèh? Mugi Aki kersa masihan pangarti ka abdi".
"Aki tèh Sayidina Ali, lamun hidep hayang guguru ka Aki, hidep kudu ngagem agama Aki nyaèta agama Islam, sanggup?". Ceuk si Aki nu taya lian ti Sayidina Ali, mantu Rosululloh Muhammad SAW alias khalifah kaopat satos Abu Bakar, Umar, sareng Utsman.
"Sanggem, Ki". Waler Kiansantang deui.

Tos kitu mah Kiansantang dituntun maca dua kalimah sahadat lajeng dipasihan saneskanten èlmu agama Islam dugi ka sababaraha taun lamina.

Satos ngaraos cekap èlmuna, Kiansantang seja mulih nepangan ibu ramana di Pajajaran. Ku Sayidina Ali diwidian bari dipiwarang ngaislamkeun sakur manusa di dunia.

Kacarioskeun Kiansantang parantos anjog di palabuhan Banten. Ku urang dinya ditaros badè kamana. Diwaler bade ka lembur matuh banjar karang pamidangan. Ku urang dinya diandeg dipiwarang reureuh tur disuguhan. Sabot diajak ngobrol, Kiansantang nembrakkeunna ajaran agama Islam. Urang Banten kalintang katajina ku ajaran ti Kiansantang. Di dinya ngawitan anjeuna kagunganeun jamaah. Tempat ngaos ku murid-muridna dicairkan ku batu anu ditumpuk-tumpuk. Kiansantang di dinya dipasihan gelar Pangeran Mangku Syahadat.

Tos ngaislamkeun masarakat Banten, Kiansantang neraskeun lalampahan ka kulon. Di tempat anu seueur pangeusina anjeuna ngajar ngaos sareng sadayana èlmu agama Islam. Di èta tempat dipasihan gelar Syèh Samsam.

Satos ngaraos cekap anjeuna neraskeun lalampahan bari diiringkeun ku jamaahna. Lalampahanana ti dinya mah ngidul, ngulon, teras ngidul deui dugi ka Santolo, teras ngetan deui anjog di muara Cibaluk. Reureuh sakedap. Teras mapah deui ngaler, ujug-ujug aya nu megat ku sapuluh punggawa karajaan nu nuju patroli.

"Saha andika?". Tanya pupuhuna.
"Wasta mah Kiansantang, dupi dugi ka dieu mah seja milarian ingkang ibu sareng rama, Raja Karajaan Pajajaran". Waler Kiansantang
"Hapunten abdi sadaya, Raden. Mangga urang ngadeuheus ka Karajaan Sancang di Lawang Sakètèng". Saur pupuhuna bari cedok nyembah.

Bring sadayana ngadeuheus, dipapagkeun ku Raja Karajaan Sancang nu taya sanès paman Kiansantang nu jenenganana Maharaja Dilewa.

Satos reureuh, Kiansantang ditepangkeun sareng ibu ramana di tempat gempungan. Barang srog, gabrug Kiansantang ngarawu sampèan Kangjeng ibu bakating ku sono.

"Hapunten Ambu, abdi nembè tiasa wangsul tina ngalalana, abdi parantos mendak pirang-pirang kapeurih, nyorang pirang-pirang kasesah, mendak jati diri nu walagri, bagja awak nu waluya, taya deui sadayana iwal pidu'a Ambu nu utami". Saur Kiansantang bari ngagukguk.

Teras anjeuna neraskeun cariosan,
'"Ambu, saur paribasa indung tunggul rahayu, bapa mah tangkal darajat, munjung kudu ka indung, muja kudu ka bapa. Hapunten andi henteu neda widi heula rehing ayeuna abdi parantos ngagem agama Islam".

"Duh Jalu Anaking, baeu hidep kadieu, geuning hidep tèh geus dèwasa, geus bisa milih-milih tur nangtukeun jalan sorangan. Keun bae èta mah kumaha hidep". Saur ibuna.

"Oh, kitu. Ngan lamun hidep aya niat ngarobah ageman Karajaan Pajajaran jeung Karajaan Sancang, Ama jeung Paman hidep moal waka nedunan. Ama jeung Paman hidep rek badami heula". Saur Prabu Siliwangi.

Dina hiji dinten Prabu Siliwangi kaluar ti karaton Sancang diiringkeun ku para punggawana meuntasan sagara keusik anu kawilang lega. Kitu deui Kiansantang nu diiringkeun ku jamaahna nuturkeun abringan Kangjeng rama ti katebihan bakating ku ajrih.

Dugi ka hiji patempatan reg Sang Prabu lirèn lajeng nyabet dahan tangkal kaboa ku kujang. Eta dahan ageungna sami sareng panangan murangkalih, panjangna sadeupa. Salajengna Sang Prabu ngagupayan Kiansantang. Satos ngadeg papayun-payun, Sang Prabu nyepeng puhu dahan kaboa,  Kiansantang sina nyepeng congona atanapi nu alitna. Lajeng Sang Prabu nètèlakeun pamaksadanana,

"Nagri nu walagri, rahayat nu waluya, ngahiji jatining diri, dihin pinasti ti Hyang Widi, Kula jeung pangeusi Pajajaran, Dilèwa jeung pangeusi Sancang, can waktuna asup Islam. Di ahir barisuk pagi  bakal kabuka ku sarèrèa, isuk jaganing gèto Kula jeung rahayat baris asup Islam sakalian".

Barang tamat nu dicarioskeun ku Sang Prabu, dadak sakala langit angkeub, angin ngagelebug, kilat ting burisat, laut ogè ngaguruh lir guntur. Teu kantos lami rep rerep rèpèh, bumi cangra deui sasarengan sareng robihna wujud Sang Prabu janten maung bodas, para punggawa janten maung belang konèng hideung. Tos kitu mah eta maung bodas lebet ka leuweung Sancang dituturkeun ku maung belang.

"Dulur sakabèh, ari anu kudu diajak asup Islam tèh kurungan manusa, sedeng apanan itu mah kurungan maung. Hayu ah urang tuluykeun lalampahan wè ayeuna mah, urang terus nyebarkeun agama Islam ka wewengkon sèjèn". Saur Kiansantang. Bring wèh sadayana arangkat deui.

Ari maung mah tetep renggenek di leuweung Sancang. Atuh ti harita leuweung Sancang teh karaosna langkung geueuman. Sasatoan seueur, tatangkalan arageung saur nu bohong tèa mah tilu kalieun beuteung munding ageungna. Rembet deuih da kakayon sareng tatangkalan nu ngaramat gè teu kirang-kirang seueurna.

Tah ti harita maung jajadian Prabu Siliwangi katut para punggawana tèh disebat Maung Sancang.

0 comments:

Post a Comment

Popular Posts