Home » » Sasakala karang paranje

Sasakala karang paranje

Sasakala Karang Paranjè

Di wewengkon pakidulan, jaman baheula ngadeg karajaan anu teu patos ageung, namina Karajaan Laut Kidul. Dupi rajana nyaèta Adijaya Kusumah. Kangjeng raja tèh kagungan putri nu geulis kawanti-wanti èndah kabina-bina nu jenenganana Putri Malati. Geulisna Nyi Putri tos kaceluk ka awun-awun, kakoncara ka janapria. Teu hèran saupami seueur putra mahkota ti karajaan sèjèn, turunan mènak, sodagar, atanapi jawara sarumping mileuleuheungkeun Nyi Putri geusan dipigarwa. Nanging teu aya saurang ogè nu ditampi, Nyi Putri teu acan puruneun kagungan carogè. Raja kacida hanjelu tur hèranna.

Hiji waktos Kangjeng raja badanten sareng istrina ogè patihna di Balèkambang. Anjeuna tumaros kumaha sangkan Putri kersaeun nikah.

"Ampun Kangjeng Raja, kumaha saupami diayakeun saèmbara?". Patih masihan usul.
"Saèmbara? Teu panuju kuring mah, kumaha lamun nu meunang èta saèmbara tèh jalma nu teu sababad jeung urang?". Istri raja ngawaler.
"Ke, ke, kè, enya panuju kuring mah, urang nyieun saèmbara waè. Sugan jeung sugan ku jalan kitu mah Putri bakal kersaeun nampi picarogèeunana". 

Raja nyauran Nyi Putri, satos sumping, anjeuna sasauran.
"Nyai anak Ama, hidep tèh geus sawawa, geus cukup wanci pikeun rarabi. Ama rèk ngayakeun saèmbara pikeun nèangan pijodoeun hidep anu pinilih. Kumaha rèk ditarima engkè saupama aya nu meunang saèmbara?".

"Saupami èta kapalay Ama, abdi seja ngiringan, abdi baris nampi sing saha waè jalmi anu ngèngingkeun èta saèmbara". Waler Nyi Putri bari teu weleh tumungkul bakat ku ajrih ka nu janten rama.

Teu lami satos dibèwarakeun, waktosna cunduk, para putra mahkota sareng para jawara boh tinu caket boh tinu tebih, kitu deui ti karajaan-karajaan sanès ngaleut ngadeugdeug ka alun-alun Karajaan Laut Kidul seja ngiringan saèmbara. Disaksèni ku raja, permaisuri, Putri Malati, Patih, sareng para punggawa karajaan, saembara dikawitan. Kalintang ramèna harita tèh, di alun-alun euyah-euyahan. Sadaya pamilon nèmbongkeun gèdè jajatènna lèbèr wawanènna. Sadayana kagungan èlmu nu digjaya. Janten sesah nangtoskeun saha nu baris janten pinunjul.

Satos rada lami, teu burung aya nu nyongcolang. Aya hiji jajaka nu tiasa ngèlèhkeun sadayana. Èta jajaka tèh pendèk busekel, rupina korodok seueur borok, pananganna buntung sabeulah, èstuning taya pupurianeunana saupami ditilik tina warugana mah. Nyi Putri kalintang kagètna mireungeuh jajaka pinunjul tèh sapertos kitu kaayaanana. Anjeuna gideug, teu puruneun nampi. Kangjeng raja hèmeng kacida. Anjeuna ngartos nu aya dina èmutan tur raraosan Putri nanging anjeuna kedah tigin kana jangji dina saèmbara. Lajeng anjeuna nyuhunkeun waktos pikeun ngolo Putri. Si Jajaka dijajap heula ka kamar paragi tamu, sina leleson.

Tengah wengi nalika sadayana tibra, Nyi Putri keketeyepan ka luar bari lunga-lengo bilih aya nu nangènankeun. Anjeuna mapah rurusuhan ka tebèh kidul, lebet ka leuweung.

Ènjingna gujrud Putri ngiles, raja ngeprakkeun para punggawa katut prajurit pikeun ngilari Nyi Putri bari nyarios sing saha nu mendakan baris dipaparin hadiah anu ageung kacida.

Kacarioskeun di sisi laut kidul aya hiji palika alias tukang ngala lauk nuju huleng jentul margi ti wanci sareupna dugi ka janari tacan kèkèngingan hiji-hiji acan. Tos peunggas pangharepan saleresna mah nalika kadangueun hawar-hawar sora hayam kongkorongok tèh. Èta palika tèh kalintang kagetna da asa pamohalan aya hayam di laut. Didadangukeun, angger disada. Lahlahan disampeurkeun, susuganan cenah èta tèh cangèhgar anu anjeuna nu kantos leupas.

Barang dugi kana karang anu ageung bari rata, sora hayam kadangueun deui. Bingaheun kacida kumargi sanaos lauk teu kènging, bakal kagentosan ku cangèhgar. Atuh tèrèkèl wè anjeuna naèk kana karang, ari gebeg tèh nalika ningal Putri Malati nuju mayunan hayam nu dikurungan ku paranjè atanapi kurung hayam tèa. Tayohna Nyi Putri sabot ngiles tèh ngukut hayam. Margi èmut kana bèwara ti Raja, Palika lungsur lalaunan lajeng ènggal-ènggal unjukan ka karajaan.

Raja ngabring sareng patih katut para punggawa dijajapkeun ku palika. Nyi Putri diajak mulih, hayam sareng paranjèna oge dicandak sina dikukut di karajaan.

Di Karajaan satos diolo Nyi Putri purun ditikahkeun ka jawara pinunjul dina saembara tèa. Nyi Putri ogè kabeberah ku hayam kukutanana. Palika dileler hadiah emas sapeti. Hirupna ngaronjat sapada harita.

Tah ti harita karang tempat Nyi Putri ngukut hayam disebat Karang Paranjè dugi ka kiwari. Ayana tèh di wewengkon Kacamatan Cibalong, di basisir peuntaseun SMPN I Cibalong  ayeuna, mung rada ngètan sakedik.

0 comments:

Post a Comment

Popular Posts