Home » » MAJUMA (575)

MAJUMA (575)

MAJUMA (575) 

Ma'Ju'Ma Sunda sakawitna dinamian Haiku Sunda. Namung supados karaos rasa sundana saatos badami sareng rengrengan admin digentos jadi Ma'Ju'Ma' Sunda.
(Yusef Muldiyana)

PUPUH JEUNG HAIKU

Abad ka-17 sastra Sunda patarema jeung sastra Jawa: pupuh. Eta karya sastra sampeuran teh dipigandrung ku urang Sunda, utamana ku kalangan menak lantaran patali jeung kabujanggaan nu daek teu daek kudu diajar pupuh jeung madhab sastra ge ngeunteung ka Jawa. Teu aneh lantaran Sunda harita aya dina subordinasi Mataram.

Salian ti sisi politis, pupuh ge dipigandrung patali jeung teknis ditulisna, nu ngandelkeun guru lagu jeung guru wilangan. Nu nulis pupuh jadi dangding jadi guguritan siga nu nimu kaulinan anyar ku cara ngitung-ngitung ramo jeung nyaluyukeun lagu kana patokan pupuh.

Tah kiwari, dina media sosial dunya maya, eta situasi teh lir nguniang deui. Dina situasi sosial jeung politik nu beda, dina abad 21 kiwari, karya sastra anyar nu mimiti dipikaresep ku para nonoman teh nyaeta HAIKU. Tangtu bae, nu migandrungna barudak ngora jeung kalangan umum, lantaran kiwari media internet geus jadi prah jeung kakuduan di masarakat rea.

HAIKU teh sajak Jepang. Kacatet aya sababaraha ngaran nu ngotretkeun sajakna dina ieu wangun. Diantarana Matsuo Basho, (1644–1694), Onitsura (1661–1738), Yosa Buson (1716–1783), Kobayashi Issa (1763–1827), jeung rea-rea deui. Salian ti urang Jepang, HAIKU geus sumebar di mancanagara jeung ditarulis ku salian ti urang Jepang, kayaning James W. Hackett, Jorge Luis Borges, Cid Corman, Allen Ginsberg, Dag Hammarskjöld, Jack Kerouac nepi ka Octavio Paz..

Kiwari HAIKU hadir dina basa Indonesia jeung Sunda. HAIKU nu diwangun ku 17 engang teh lir aya sasaruaan jeung 17 pupuh ti Jawa tea. Itungan 17 pikeun urang Sunda mah mibanda harti nu patali jeung kasucian agama. Naha ieu hiji hal nu kabeneran bae, tapi dipikaresepna mah sarua wae.

Pola HAIKU nyaeta MA-JU-MA atawa 5-7-5, nu hartina lima engang dina padalisan kahiji, tujuh engang dina padalisan kadua, jeung lima engang dina padalisan katilu. Eta tilu padalisan teh ngawangun pada (bait). Sacara struktur, HAIKU ngan diwangun ku sapada (sabait): rengse tur tuntas. Nu ditujulkeunana nyaeta jerona maksud nu hayang ditepikeun dina nu sabait tea. (Chye Retty Isnendes)





0 comments:

Post a Comment